Senin, 03 Oktober 2022
Puisi akuu
Puisi Sunda
Hayu ngaji jadi santri
karya : Dede Rusmilawati
Kaula nu harita jadi santri
Angkat ngaji, jauh tina kasenangan jauh tibumi
Kaula nurut ka indung nu jadi panulung
ka bapa nu jadi pangraksa
Taya sanes Jang sangkan hirup aya Pangarti
Saestuna kaula harita henteu ngarti
Naon nu kudu diala pangarti
Kaula ngan saukur nurut, tumut ka sepuh
Sangkan menang karidhoana
Dauh sepuh hirup di dunia moal lila
Beukel nu kudu dibawa kudu aya
Beukeul hirup beukeul maot
Sangkan salamet dunia jeng jaga
Hayu dulur, hayu batur
Hayu ngaji jadi santri
Hayu mibanda pangarti
Mikaweruh diri mikaweuruh hirup nu sejati
Cianjur, 3 Oktober 2022
Jam ; 11:54
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Entri yang Diunggulkan
Puisi akuu 3
Oktober... Menunggu Karya Dede Rusmilawati Menunggu sesuatu yang tak pasti itu bukan keahlianku... Inginku kau datang tak lagi berlaku...
-
Oktober... Menunggu Karya Dede Rusmilawati Menunggu sesuatu yang tak pasti itu bukan keahlianku... Inginku kau datang tak lagi berlaku...
-
Puisi Sunda Hayu ngaji jadi santri karya : Dede Rusmilawati Kaula nu harita jadi santri Angkat ngaji, jauh tina kasenangan jauh tibumi...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar